GUNUNG
MELETUS
Di tepi lereng gunung api, ada sebuah
desa yang indah dan makmur. Tetapi dibalik keindahan itu, desa tersebut
terdapat sebuah gunung api yang dapat meletus sewaktu-waktu dan
memporak-porandakan seisi desa.
Pagi itu, para penduduk sedang melakukan
aktivitas seperti hari-hari biasanya, Ibu Enah yang sedang menyapu halamannya,
dan ceu Imi yang sedang duduk bersama anaknya.
Ibu
Enah : “Ceu ari peuting karasa aya
lini teu?”
Ceu
Imi : “Aya
lini? Har na jam sabaraha kitu?”
Asih : “Euh si ema mah manya teu karasa?
Sakitu risbang eundeur ge”
Ceu
Nyai : “Heeh
da ema maneh mah kebluk saruana jeung salaki urang”
Basir : “Naon atuh!!! Maneh mah sok
ngagogoreng ka salaki sorangan teh”
Ceu
Nyai : “Ih ari si Bapa, pan bener sok,
hayohhhh.............”
Basir
: “Punten we da teu rumasa
urang mah!”
Asih : “O
atuh O ‘’
Ceu
Imi : “Cingcing keheula, eta aya
gempa dimana?”
Ibu Enah : “Teu apal atuh, da ngan karasa aya
linina we hungkul basa peuting. Ngan kade we kudu waspada bisi aya nanaon nu
teu ku urang di pikahayang!”
Ibu Ningsih : (keur leumpang ujug-ujug nimbrung) “aya naon
aya naon ieu teh meni aya waspada-waspada sagala?”
Ibu
Enah : ”Ieu tah basa peuting aya
lini, karasa teu ceu?”
Ibu Ningsih : “Oh heeh paingan, basa peuting teh keur sare
asa aya nu ngoyag-ngoyag kasur ari pek teh aya lini nyah?”
Ibu Enah : ‘’he.eh ihh, ngan tuh si ceu imi mah teu
karasa ceunah padahalmah ni ender, kaca oge ni asa ek pepes’’
T.dagang : “Ibu-ibu......sayur sayur..........”
Ceu
Imi : “Kadieu ceu!”
(tukang
dagang nyampeurkeun)
Ibu
Ningsih : “Aya naon wae ceu?”
T.dagang : “Ah biasa we ieu mah aya sagala sayureun
aya, tahu tempe aya. Sok ceu dipilih-dipilih!”
Ibu-ibupun mulai memilih sayuran.
Tiba-tiba suami Ceu Nyai menghampiri untuk memesan makanan.
Basir : “Cik ma hayang eta tah semur
jengki jang bekel ka sawah”
Ceu
Nyai : “Kabeuki teh ngan semur
jeeeeengki weh. Sabaraha ceu?”
T.dagang : “Duarebu maratus”
Ceu
Nyai : ‘’Euleuh geuning ni mahal ceu,
pan kamari kamari mah ngan sarebu maratus, ni naek sarebu ‘’
T.dagang : ‘’ih si eceu mah puguh ayeunamah geus
sagala nararaek,BBM ge geus naek, uyah ge sabungkus na ges 1000’’
Ibu
Ningsih : ‘’walah walah ni motah, naon ai
si eceu naon hubungan na jeung BBM ?’’
T.dagang : “apan urang teh kapasar make ongkos jang
naek angkot, tah ceu ayeunamah ongkos kapasar ge nu biasa 1500 jadi 2500. Geus
ah sok-sok keur balanja mah si eceu-eceu mah lain kalah jadi ngawadul bari
jeung di acak acak’’
Ceu
Nyai : ‘’ yeuh, yeuh ges ah abi mah
sakieu we jengki 2500 tah monggo artosna 10000
angsulan 7500’’
T.
dagang : ‘’Oh, nya atuh yeu manga
angsulna, kade ceu isukan balanja deui nya ka abi’’
Ceu
Nyai : “oh pasti pan urang mah
langganan hehee”
T.dagang : “ah si eceu mah bisa wae, eh ceu imi eta
ek balanja naon lain ngahuleung ?’’
Ceu
Imi : “naon atuuu nya ?hayang nu
aneh aneh ieu teh da, ah geus ieu we lah supa yeuh jang di sop, sabaraha ai
supa the ceu ?”
T.dagang : “4000”
Ceu
Imi : “yeu atuh manga artosna”
Ibu-ibu masih berkumpul di tukang
sayur
Ibu
Ningsih : “ Ceu, aya bayem teu. Sabaraha
ayeuna sabeungkeut na ?
T.
dagang : “ 2000”
Ibu
Ningsih : “naon apan biasa na ge ngan
1000 ? ‘’
T.
dagang : “geus tidituna, geus lah
sok-sok we erek barang beuli mah’’
tiba tiba datang asih
yang menghampiri nya.
Asih : “ ma ma hayang meuli kangkung ih ?”
Ceu
Imi : “ ih ai maneh geus ieu we
dahar nu aya yeuh sayur supa we”
Asih ; “ ih ai si ema embung ah embung jeung
sayur supa, unggal poe teh ngan jeung sayur supa wae, ma atuh ma ih “
Ceu
Imi : ‘’ ceu kangkung sabaraha ?
1000 nya ?yeuh ah”
Ibu
Ningsih : “ Ceu, ceu urang mah ni asa teu
ngenah hate siah asa teu puguh rarasaan? “
Ibu
Enah : “ he.eh sarua puguh, ek aya naon nya ieu teh
?”
Asih : “abi apal ek aya naon ?ek aya nu
mere duit wkwk”
Ibu
Enah : “naon atuh ah maneh budak
leutik ngan pipilueun wae ah”
Ibu
Ningsih : “ yeuh mincreung ai ek menang
duit mah lain teu ngenah hate nya pasti bungah atuh sura seuri ‘’
Asih : “he.eh atu lah kumaha ibu we”
Ibu-ibu
pun pulang ke rumah nya masing-masing, sementara di pos ronda, preman-preman
sedang berjudi.
Bandros : “heuuhhh maneh mah elehan wae titadi
teh”
Uung : ‘sok maen deui lah aya kawani mah”
Oo : “yeuh urang masang sakieu”
Odoy : “kela-kela ieu teh asa eundeur kieu
gening, boa maneh nu ngeundeurkeun”
Bandros : “nya lain atuh pararadu maneh mah. Naha
eundeur teh beuki tarik kieu nya ?”
Tiba-tiba semua warga berteriak .
Warga :
“alohuakbar...alohuakbar...astagfirulohaladim gempa gempa”
Ceu
Nyai : “salaki urang dimana?” (bari
riweuh)”
Ceu
Imi : “budak urang mana budak urang
mana?”
Asih : “ema bapa tulung...tulung”
Setelah gempa reda.
Ibu
Enah : “alhamdulillah gempa teh geus
eureun”
Ibu
Ningsih : “untung urang masih salamet
keneh”
Kemudian asisten pak lurah
mengumpulkan semua warga di lapang.
Asisten : (memukul kentogan) para
warga ayeuna kumpul di lapangan!”
Pak
lurah : “hapunten para warga abdi
miwarang ngarempelkeun sadaya di ieu lapang, aya nu kedah ku simkuring di
sampekeun soal gempa tadi”
Ceu
Imi : “muhun tah pak, eta teh aya
gempa dimana meni ageung kitu? Jantung abdi meni asa tereh ragrag”
Pak
lurah : “gempa nu tadi teh tina gunung
nu aya di desa urang. Yen desa urang teh tos dibere kabar gunungna keur aktif
anu statusna waspada.Tapi bisi aya nanaon mah ibu ibu sareng bapak bapak kudu
siap siap beberes barang barang anu di
kira berharga, jeung sarare na tong tibra tibra teuing
bisi aya peringatan ti pamarentah.
Ibu
Ningsih :”naon wae anu bisa ku urang di lakukeun saacan gunung api meletus
?
Pak
lurah :”urang kudu apal tempat anu
aman jang nyiapkeun pangungsian lamun di butuhkeun jeung ngadeuseuk ,siapkeun
kabutuhan dasar jang ngungsi
T.Dagang :”atuh ke nasib arurang kumaha mun gunung
na ngajelegur ?
Pak.
Lurah :”saapal sim kuring mah amun aya
sora gemuruh- gemuruh kitu urang kudu ngajauhan gunung s areng lumpat ka tempat nu aman !”
Asisten :”Misalna lumpat kamana pak?”
Pak
lurah :”nya ka tempat nu jauh atuh ti
gunung! Panginteun mung eta nu tiasa di tepi keun tos we ayenamah yang barubar
we!”
Ceu
nyai : nya atuh pak , bari na oge itu
baju can di jaitan, mangga pak
nuhun.”
Keesokan hari nya, preman-preman
sedang berjudi lagi di pos ronda.
Odoy :”urang ti kamari elehan wae, iraha
atuh meunangna! Mana duit geus beak.”
Bandros :”Lah da maneh mah belegug we maenna.”
Ibu
Enah :”Heh ujang! Unggal poe maraen
teh nu kararitu we geuning. Sing eling geura!!”
Odoy : “bae we atuh bu! Abi ieuh nu maenna
ge. Masalah buat loo?”
Ceu
Nyai : “ih ari barudak zaman ayeuna
teu beunang dibejaan”
Asih : “ma ma, itu si bapa ek kamana?”
Ceu
Imi : “akang na ek kamana?”
Kang
Dadang : “nya ek ngantor ka sawah atuh, katempo meureun mawa pacul!”
Asih : “oh atuh”
Kang
Dadang : “ih dusun budak teh, awas we tah moal dibere jajan” (bari ngaleos ka
sawah)
pemerintah pun memberi isyarat bahwa status gunung bitu
meningkat dari status waspada menjadi
siaga .
pak
lurah :”jang pang ngumpulkeun warga
di lapang ayeuna pisan.”
Asisten
:”na aya naon pa?”
Pak
lurah :”sok-sok we kumpulkeun warga ke
ge apal.”
Asisten :”nya atuh pa.”
Asisten pak lurah pun mengumpulkan
semua warga di lapang.
Asisten :”para warga ayeuna kumpul deui di
lapang!”
Basir :”aya naon deui wae atuh hayuh wae
di kumpulkeun keur mah loba pigaweeun di
sawah”
Kang
emul :”ih tong sok kitu, bisi mah
penting”
Pak
lurah :”para warga sadaya, gunung
urang teh statusna geus ningkat tina waspada jadi siaga. Tah kanu gaduh
murangkalih sareng anu gaduh sepuh supados enggal-enggal diungsikeun”
Oo :”oh muhun mangga pak”
Gunung api di desa Karang Asem pun
terus menunjukkan aktivas nya dari status siaga menjadi awas.Pemerintah pun
mulai mengungsikan para warga yang
tinggal di lereng gunung api.
Pak
lurah :”para warga gunung api di desa
urang teh statusna tos awas”
Ceu
Nyai :”terus urang ayeuna kudu kumaha
atuh pak ?
Pak
Lurah :”ayeuna mah bapak-bapak sareng
ibu-ibu kedah kersa pami ku pamarentah di piwarang ngungsi,sangkan meh teu
seueur korban,”
Kang
Dadang :”Lah keur naon ngungsi ge ka riweuh riweuh,geus we cicing di imah da
moal nanaon iyeuh.”
Ibu
Enah :”euhh,ai kang Dadang tong kitu
atuh kang.
Para warga pun kembali ke rumah.
Kang
Dadang :”mah urang mah ulah ngungsi we,ek naon ngungsi ge”
Ceu
Imi :”Heeh ah da moal nanaon ieuh atuh meureun”
Sementara di luar para ibu-ibu sedang
mengobrol.
Ibu
Enah : “nyi cik dangukeun geura eta
sora naon? Da ceuli uwa mah rabun jauh”
Asih : “naon ari si
uwa, ceuli mah kirang dangu lain rabun jauh!heuh dasar nini-nini tujuh mulud!”
Ceu
Nyai : “geus gandeng ngaromong wae!
Yeuh beuki tarik sorana”
Pak
Lurah :”jang ayeuna piwarang warga
supados siap siap kanggo ngungsi”
Asisten :”muhun manga Pak !
Asisten pak lurah pun mulai
berkeliling desa untuk menyuruh para warga untuk bersiap siap mengungsi.
Asisten :”ibu ibu sareng bapak bapak ayeuna
kedah tos siap ngungsi
Warga :”Oh muhun mangga,ieu ge tos siap”
Desa Karang Asem pun mulai di
kosongkan oleh para warga nya untuk mengungsi.Setelah desa Karang asem di
kosongkan gunung api mulai erupsi dan memuntahkan material yang ada di dalam
nya.Dan sering terdengar gemuruh letusan gunung api.
Sementara di pengungsian
Oo :”kang ngungsi teh lila moal nya
?”
Basir :”Nya kumaha situasi na we
atuh,lamun sakira na tos aman mah engke ge mulang atuh.”
Oo :”oh heem atuh ai kitu mah.”
Timsarpun datang
menolong para warga yang terluka dan membawanya ke tempat pengungsian.. para petugas kesehatan
datang untuk mengobati para korban.
Kang
Dadang : “aduh itu imah urang kumaha beak. Gustiii!!”
Ceu
Imi : “si akang mah nyawa nu penting
mah kang, budak ge can puguh dimana!”
Timsarpun membawa anak yang meninggal.
Ibu
Enah : “kang itu budak akang sanes?”
Kang
Dadang : “mah itu budak urang”
Timsar : “pak ini anak bapak? Saya
menemukannya dalam keadaan sudah tidak bernyawa”
Kang
Dadang : “deudeuh anak urang Asihhhhhh.....”
Ibu Enah : “sabar nya bu sabar sing
tabah!”
Tak lama kemudian reporter datang,
untuk meliput pasca bencana gunung meletus di Desa Karang Asem.
Reporter : “baik pemirsa sekarang saya sedang
berada di lokasi pengungsian kejadian gunung meletus di desa Karang Asem.
Disini saya sedang bersama pak lurah yang akan menceritakan bagaimana kejadian
awal gunung meletus. Bagaimana pak?”
Pak
lurah : “ya awal nya mah aya lini dari
dua hari kebelakang, terus we hari hari ka dieu na seringterdengar aya
sora-sora ngaguruh kitulah pokokna mah. Tah pas aya sora gemuruh teh terus we
aya sora ngabeledag gunung bitu. Nya ricuh weh kampung teh”
Reporter : “terus apakah ada korban jiwa dari
kejadian ini?”
Pak
lurah : “ya ada atuh. Malahan mah
banyak. Ngan itutuh ada anak kecil yang meninggal meni kasian. Rumah-rumah oge banyak yang
ambruk”
Reporter : “apakah sudah ada bantuan pengobatan
dari pihak pemerintah?”
Pak
lurah : “ya alhamdulillah ada, itu tuh
dokter sareung suster na ”
Reporter : “ Pa Dokter bagaimana keadaan para
korban pasca bencana ?’’
Dokter : ‘’Sebagian korban ada yang belum
sadar, dan sebagian lagi ada yang dirujuk ke Rumah Sakit karna keadaan nya sudah
parah.”
Reporter : ‘’Berapa orang yang dirujuk ke Rumah
Sakit pak ? ‘’
Dokter : ‘’Lumayan banyak ‘’
Reporter : ‘’Oh yasudah pak, terimakasih atas
informasinya semoga para korban diberi ketabahan atas bencana yang menimpanya.
Sekian laporan dari saya dan terimakasih.’’